Ulah nuduh ka nu jauh
Ulah nyawang ka nu anggang
Nu caket geura caketan
Nu deukeut geura deuhesan
Aya naon jeung aya saha
Dina jeuro wujud urang
Geura pek geura panggihan
Moal jauh tina wujud
Moal anggang tina awak
Cirina satangtung diri
Tiluhur sausap rambut
Tihandap sausap dampal
Ulah kabobodo tenjo
Ulah kasamaran tingal
Nu lain dienya-enya
Nu nyanding diapi lain
Sing asak-asak ngejo
Bisi tutung tamagana
Sing awas-awas nenjo
Bisi kaduhung jagana
(source: unknown)
1 komentar:
follow saya ya mas
http://hasanuddinstory.blogspot.com/
Posting Komentar